Imah gedong sigrong milik kulawarga Wawan Kusuma, peuting harita caraang kénéh tur masih loba jelema anu keur ngarumpul ngariung di rohangan tengah. Katémbong Rukmini diuk dina korsi panjang bari masih kénéh ngagukguk ceurik dirariung ku anak, minantu jeung incu-incuna.
"Ni, ulah diemutan waé, aki ayeuna patantos tenang dialam kubur. Anggur mah du'akeun supados amal ibadahna ditampi kumantena" ceuk Icih anu diuk di gigireuna bari ngusapan tonggong Rukmini
"Muhun Ni, sadaya jalmi bakal pendak sareng anu namina maot, sabab yuswa anging milik Allah, upami Allah nakdirkeun hiji jalmi kedah maot, urang teu tiasa nolak sumawona ngahalang-halang" ceuk Unah anu andéprok émok hareupeuna bari ngusapan leungeun Rukmini.
Rukmini buburu yusut cipanonna ku saputangan, terus ngarérét ka dua incuna anu bieu nyarita bari maksakeun seuri. Haténa ngarasa bagja boga incu anu gareulis tur saroléh, nyoba ngupahan ka dirina sanajan kabéh ogé sarua keur pada-pada sedih.
Celengkeung kadéngé sora Udin nyarita,
“Ni, tiasa abdi nambut artos sajuta? indung kukut abdi ayeuna nuju diopname di rumah sakit, peryogi pisan artos kanggé biaya operasi"
Kontan kabéh kulawarga Kusuma reuwas sarta kompak ngarérét ka Udin bari molotot teu percaya ku dédéngéanna. Dina kaayaan kitu Udin wani balaka nginjeum duit sajuta. Asa ku kacida.
Saha atuh ari Udin?
Sataun katukang basa Wawan Kusuma jumeneng kénéh, teuing timana asalna mawa Udin ka imah jeung keukeuh maksa ngawinkeun salah sahiji incu awéwéna nyaéta Icih ka Udin. Cenah mah Udin téh budak yatim piatu jeung teu puguh padumukanna. Jadi dina acara kawin ogé boro-boro mawa pakaya. Biaya kawin, hajat tur ipekah ogé kabéh ditangkes ku Wawan Kusumah.
Teu lila ti bérés ngawinkeun, Wawan Kusuma gering stroke parna salila 11 bulan nepi ka maotna jam 10 tadi beurang tur karék bérés dikurebkeun bieu saméméh maghrib.
Ti saprak bérés kawin tepi ka harita, ayana Udin di Imah éta geus teu dipikaresep kusararéa, hiji-hijina anu tara némbongkeun kaceuceubna iwal ti Icih anu geus jadi pamajikan Udin. Ngan Udin sok haré-haré, tara kasinggung sanajan pada ngahina.
Ma Éméh, indung kukutna Udin, boga panyakit batu ginjel jeung kudu buburu dioperasi anu ngabutuhkeun biaya gedé. Udin bener-bener teu boga pilihan séjén da puguh teu boga dulur atawa baraya, iwal ti ngawanikeun karep nginjeum ka nini pamajikanna anu beunghar nyaéta Rukmini.
Udin teu ngarasa salah bieu nyarita kitu, sanajan nyaho kulawarga Kusumah keur kapapaitan. Pamikirna, anu maot mah nya maot, geus dikurebkeun jaba tamu ogé geus baralik jeung anu maot mah da moal bisa dihirupkeun deui sanajan diceungceurikan tepi ka isukan ogé. Justru anu kudu dipentingkeun mah nulungan anu hirup ulah nepi ka maot, satungtung masih aya jalan pikeun disalametkeun.
Tapi teu disangka, harita Rukmini ambek, nangtung bari ngajéwang asbak porselén dina méja tuluy dibabétkeun ka handap tepi ka asbak teh peupeus, beling mancawura ngalayah dihareupeun Udin anu keur diuk sila.
"Maksud sia naon? Hayang neuleu aing modar lantaran rudet ku sia? Teu neuleu kaayaan siah!"
Bari curukna bentik tutunjuk kana beungeut Udin.
Icih buburu andéprok gigireun Rukmini bari tanggah muntang kana suku Rukmini,
"Hapunten salaki abdi ni" bari tuluy metot leungeun Udin sangkan indit ngajauhan tina riungan.
Nempo kitu Unah milu ngomong,
"Ulah dibéla waé téh, lelepkeun ka balong gableg salaki siga kitu mah. Tingali yeuh pisalakieun kuring titadi teu loba carita sabab apal kaayaan, moal ngajieun codéka sumawona wani nginjeum duit ka nini kawas salaki teteh" kituna téh bari ngaléndéan leungeun pamuda anu nangtung gigireunna.
“Bener euy, hirup saukur numpang didieu tapi teu ngaragangan ka anu dicicingan, ngérakeun pisan" ceuk si pamuda, omonganna ditujukeun ka Udin anu harita geus dariuk jeung Icih dina korsi séjén anu rada nenggang ti dinya.
Pamuda anu dimaksud ngarana Ibro, anak cikal juragan Salman anu kawéntar beunghar. Sanajan Ibro tunangan Unah, tapi dina haténa mah bogoh ka icih. Matak wajar lamun omonganana rada sinis ka Udin. Kageulisan Icih mémang lir ibarat widadari, kabéh lalaki euweuh anu teu kapincut ku kageulisan Icih, kaasup ibro. Tapi sabab Icih lewih milih kawin ka Udin, jelas hal ieu ngajadikeun Ibro jadi ceuceub pisan ka Udin. Sakur anu aya didinya ampir kabéh milu ngomong ngoméntaran sarta ngejejeléh ka Udin
"Runtah model kieu teu pantes ngajedog dilingkungan kulawarga Kusuma, hadéna mah mending di usir ku sararéa" ceuk Isah, indungna Unah.
"Bener, ukur ngarurujit euweuh guna” ceuk Karsidi, bapana Unah.
"Moal salah, nginjeum duit keur indung kukut ukur akal bulus, pasti rék dipaké poya-poya sabab aki geus euweuh, moal aya deui anu méréan deui duit" ceuk Dudung, lanceukna Unah.
Ukur Mardi Jeung Lastri, mitoha Udin, anu teu pipilueun nyarita. Lamun lain demi keur ngobatan indung kukutna, Udin ogé geus hayang gera-gera ingkah ti imah éta anu pinuh ku kaméwahan palsu. Tapi Udin ras ingeti kana papatah almarhum bapana basa dirina keur leutik keneh yén kahirupan téh mémang peurih, kudu tetep handap asor sopan ka sasama, ulah ambek sanajan kudu ceurik cimata getih alatan ukur dihina ku batur. Ulah asa aing lamun panggih jeung ka bungah sarta loba anu muji. Matak Udin nyoba nguat-nguat manéh pikeun nyarita deui.
“Ni, harta nini titinggal ti aki. Éta sadayana mung titipan Allah, artos sajuta kanggé nulung nyawa jalmi pahalana ageung pisan, komo deui aki nembé ngantunkeun, pahalana bakal dugi ka aki, ngabantos ngaringankeun dosa-dosa aki" ceuk Udin ngomong lalaunan bari melong ka Rukmini.
“Udin! Sia ulah coba-coba ngahotbahan nini aing. Didieu lain sia anu mutuskeun. Jeung deui naon hubunganna Nini aing maké jeung kudu nulungan indung kukut sia. Sanajan manéh anu nginjeum, tapi mikir teu, rék ku naon manéh ngagantian?" Ceuk Dudung bari hohoak tipopolotot ka Udin anu ngeluk tungkul.
Dudung jeung Unah mémang geus lila nyimpen dendam ka Udin, sabab saprak aya Udin, kanyaah akina lewih gedé ka Udin tibatan ka maranéhna anu jelas-jelas incu pituin. Matak ayeuna asa manggih jalan pikeun ngedalkeun kakeuheul haténa.