AING UDIN

Dadan Rachman Rudiman
Chapter #2

Wawuh jeung Susi

Asép masih ngajelaskeun,

"Juragan Agus ogé nyebatkeun. Upami Adén keresa nepangan anjeunna sareng ngaku Aki tur keresa ngahapunten kana kalepatanna. Juragan Agus jangji bakal masihan deui 3 triliun. Nanging upami henteu, artos ieu sareng Bima Raya Grup tetep milik Adén. Teras hiji deui, Bima Raya Grup nilai asétna 100 milyar, sadaya berkas kapamilikan patantos diurus ka atas nami Adén. Janten ti danget ieu sareng salajengna 100% saham Bima Raya mutlak tos milik Adén. Adén kedah sumping ka kantor Bima Raya dinten énjing kanggé nanda tawis serat kapamilikan sakantenan serah terima"


Udin ngarahuh, terus ngeluk tungkul bagi gogodeg, sabab asa ngimpi. Udin teu yakin bakal bisa ngelola Bima Raya, perusahaan anu sakitu gedéna, lantaran Udin lain pengusaha sarta pendidikanna ogé teu luhur. 100 milyar dina kartu ditambah 100 milyar mangrupa perusahaan. Jelas nilai anu kalintang gedéna keur Udin.


Sanajan di Bandung ogé loba pengusaha suksés jeung perusahaan gedé séjénna. Tapi keur urang Bandung geus pada nyaho yén Bima Raya Grup anu pangbadagna. Bisnisna ampir kana sagala widang. Euweuh anu bisa nyaingan. Malah bisa disebutkeun kabéh perusahaan leutik di Bandung gumantung ka Bima Raya.


Pon Kitu deui perusahaan kulawarga Kusumah, perusahaan bapana Ibro jeung perusahaan kulawarga Saputra anu geus ngahina Udin peuting ieu. Kabéh ukur sataikukueun Bima Raya. Udin teu nyangka Bima Raya geus jadi milikna ti mimiti peuting ieu.


Asép mikeun kartu nama,

"Dén, ieu kartu nami uwa, didinya aya nomer telepon uwa. Mangga ku Adén émutan heula, badé atanapi henteuna nepangan juragan Agus di Jakarta. Adén kedah masihan uninga ka uwa. Ulah hilap énjing kénéh Adén sumping ka Bima Raya. Kartu ATM anu aya di Adén multifungsi, tiasa tarik tunai, gésék, balanja online atanapi aplikasi babayar anu sanésna. Sareng ieu HP, ngahaja disiapkeun kanggé Adén, kantun nganggo" pokna bari ngaluarkeun dus iPhone X tina saku jero jasna terus dibikeun ka Udin. Saterusna saenggeus kabéh barang ditarima ku Udin. Asép pamitan terus indit kaluar ti rumah sakit tanpa nungguan Udin ngucapkeun nanaon deui.


Udin masih bingung siga anu linglung. Haténa galécok nanya ka dirina sorangan. Naha kudu nepungan Akina atawa tetep kana pamadeganna? Tapi ras inget kana 13 taun pangalaman hirupna anu pait. Haté Udin nyelekit nyeri. Harita bapana ditundung ku kulawarga Subrata. Udin anu umurna kakara 7 taun dibawa ku kolotna asruk-asrukan di Bandung pikeun ngamimitian kahirupan anyar sabagé jelema biasa. Karék sataun di Bandung, Udin geus ditingalkeun maot ku kolotna, tuluy dipulung anak ku Ma Éméh. Di didik, di sakolakeun salila 9 taun.


Di umur 17 taun geus digawé jadi kuli ladén tukang ngaduk di proyék perumahan pingpinan Wawan Kusumah. Salila 4 taun digawé, Udin saré dibédéng bari dahar ukur saayana. Saminggu sakali balik ka Ma Éméh nyetorkeun kabéh duit gajihna sésa dahar. Nepi ka ahirna dibawa balik ku Wawan Kusumah sarta dikawinkeun ka incuna, nyaéta Icih kusumah.

Anu antukna jadi bahan hinaan kulawarga Kusumah nepi ka kiwari.


Ahirna Udin buleud tekad, tetep kana pamadeganana. Moal nepungan akina di Jakarta. Udin ahirna cengkat terus nyampeurkeun ka lokét kasir di bagian administrasi anu mémang buka 24 jam.

"Abdi Badé ngalunasan biaya pasién atas nami Éméh anu kirang sajuta deui" bari nyodorkeun kartu bank ti Asép bieu.


Prosésna teu lila, ukur ngagésékeun kartu, ngaasupkeun pin, transaksi berhasil. Udin Kakara ayeuna ngalaman babayar ku cara kitu. Jadi haténa ngagerentes,

"Naha bener kuring ayeuna geus jadi miliarder? Meni asa babari ngaluarkeun duit sajuta téh"


Udin teu buburu balik, tapi diuk heula dina bangku anu tadi. Muka dus iPhone langsung dihirupan. Bener wé HP téh geus kari maké, pulsa loba, internét aktif, batré pol, rupa-rupa aplikasi geus aya. Harga HP pasti 7 jutaan, jauh mela-melu Jeung hapé Nokia 3315 milikna anu ukur 300 rébuan anu salila ieu dipaké. Ngan dina daftar kontak iPhone ukur aya nomer jeung ngaran Akina hungkul, nyaéta Agus Subrata. Ahirna Ku Udin ditambahkeun nomer Asép disalin tina kartu nama anu ditarimana bieu.


Tuluy Udin muka aplikasi gokar, mesen mobil keur nganteurkeun dirina balik ka imah mitohana di Sétrasari. Sabab udin yakin saenggeus di usir tadi ku rukmini. Mitoha jeung pamajikanna geus moal aya deui di imah Kulawarga Kusumah anu aya di Hégarmanah. Pesenan dibayar maké gopay jadi Udin kari nungguan dijemput, teu kudu mayar deui ku duit kontan.


Mitoha Udin mémang geus misah imah, paméré Wawan Kusumah sawaktu masih jumeneng tur jagjag kénéh. Sanajan teu saméwah Vila Kulawarga Kusumah, tapi geus leuwih ti cukup keur dicicingan ku 4 urang mah. Harita geus ampir jam 1 peuting, tapi Mardi, Lastri Jeung Icih can salaré. Tiluanana masih ngarobrol kénéh.


Udin teu buburu asup muka panto, sabab kadéngé Lastri keur nyarékan Icih,

"Gara-gara kalakuan salaki manéh tadi, kulawarga urang wirang dihareupeun jelema loba. Mun manéh teu buburu ménta cerai. Manéh pasti dipecat ku Nini manéh ti Palapa".


"Wios. Abdi badé milarian padamelan ma" témbal Icih.


Lastri muncereng,

"Masih tetep rék béla ka si Udin? Naon héséna kari ménta ceréi terus kawin ka si Iyus. Meureun kulawarga urang téh moal balangsak-balangsak teuing kawas ayeuna"


Mardi milu nyarita,

"Heueuh, Aya 3 kauntungan lamun manéh kawin ka si Iyus, darajat kulawarga urang bakal kaangkat, kahayang Nini manéh katedunan, manéh oge salamet bisa tetep digawé di Palapa, sok gera pikirkeun" pokna bari nangtung, terus ngaléos asup ka kamarna.


"Pokona abdi moal nyuhunkeun cerei, titik" ceuk Icih keukeuh.


"Dasar budak belegug"

ceuk Lastri bari ngadegungkeun sirah Icih.


Udin anu masih kénéh diluar ngarénghap jero tuluy ngarahuh. Salian Icih, kabéh Kulawarga Kusumah mémang nyapélékeun dirina. Can aya anu nyaho yén Udin ayeuna geus jadi bos Bima Raya sarta ngabogaan duit kontan 100 milyar dina kartu ATM. Mun seug arapaleun, pamohalan wani ngaromong siga kitu ka Icih.


Tapi Udin can siap pikeun ngabolékérkeun indéntitasna. Nu jadi sabab, yaéta ku geus lilana hubungan duduluran antara Udin jeung kulawarga Subrata kaputus. Udin can nyaho bakal kumaha saterusna. Bisa jadi paméréna ieu ukur pangoloan sangkan udin daék balik deui ka Jakarta, kulantaran tadi Udin mutuskeun nolak balik, teu mustahil isuk atawa pagéto Bima Raya bakal dicokot deui ku Akina. Jadi euweuh untungna kudu pamér ayeuna, lewih hadé hirup siga biasa heula.


Kulutrak Udin muka panto tuluy asup lalaunan bari tungkul

"Bu, hapunten wengi ieu abdi parantos ngadamel masalah anu ngisinkeun kulawarga"


Lastri langsung muncereng,

"Sia mémang biang kérok masalah, ampir mutuskeun rejeki kulawarga. Kahirupan urang masih kénéh gumantung ka Palapa, éta sarua waé jeung sia rék modaran sararéa"


Icih buburu némpas omongan indungna,

"Ma, kang Udin nembé mulih, jabi pan nembé kadangu anjeuna nganken lepat sareng tos nyuhunkeun dihapunten. Disanés-sanés ogé kang udin téh minantu ema"


"Sok wé béla terus, aing teu sudi gableg minantu kawas kitu. Lewih hadé mantog sing jauh" kituna téh Lastri bari indit ngajéngkat ka kamarna nuturkeun Mardi nu geus leuwih tiheula asup.


Icih buburu metot leungeun Udin ka kamar,

"hayu kang, urang istirahat"

Lihat selengkapnya