Udin ngarérétan ka sakuriling rohangan anu dékorasina méwah, terus Udin diuk dina korsi Diréktur bari langsung nyarita ka Susi,
"Kuring moal mineng datang kadieu, jadi sok pingpin ku anjeun sagalana. Jeung omat, ulah ngungkapkeun idéntitas kuring ka sasaha"
Susi unggeuk, sabab sadar yén keur ukuran ningrat saperti Udin Subrata, Bima Raya Grup tangtu ngan ukur cabang usaha. Pasti Udin masih boga pausahaan utama anu leuwih gedé deui ti Bima Raya. Jadi Susi bisa ngamaklum pisan lamun Udin moal hayang ngelola Bima Raya sacara langsung.
Susi unggeuk,
"Mangga upami salira percanten mah, nanging upami kapayuna aya paréntah atanapi aya hal anu kirang panuju tina hasil padamelan abdi, ulah asa-asa nyarios"
Kadéngé panto aya anu ngetrokan ti luar, terus muka. Saurang sékrétaris manggut ka Susi terus nyarita tina lawang panto,
"Ibu Susi, Aya tamu. Jenenganna Ibro, saurna badé nepangan salira"
"Oh, titah tungguan sakeudeung" ceuk Susi bari méré kodeu ku leungeunna sangkan sékretarisna nutupkeun deui panto.
"Anjeung wawuh ka Ibro?" Udin nanya ka Susi bari kerung.
"Kapungkur perusahaanna, Astina janten mitra Bima Raya, nanging parantos sababara kali kawon waé dina ténder, ahirna ngesub ka pemenang ténder" Susi ngajelaskeun.
Udin unggeuk terus nyarita,
"Tah mimiti ayeuna mah, Bima Raya ulah boga hubungan kerja sama nanaon deui jeung Astina. Saupama kanyahoan aya pemenang ténder anu ngasubkontrakkeun ka Astina. Langsung batalkeun kontrakna!"
"Siap juragan" témbal Susi sanajan dina haténa mah reuwas jeung teu ngarti kana maksudna. Tapi Susi teu wani tumanya.
Udin nyarita deui,
"Ayeuna paréntahkeun sékrétaris bieu. Tepikeun ka Ibro yén anjeun teu hayang panggih atawa kerjasama jeung perusahaan anu pingpinanna goréng ahlak, terus usir kaluar" ceuk Udin méré paréntah ka Susi.
Susi unggeuk nurut, terus nelepon sekrétarisna anu aya di luar nepikeun anu bieu diparéntahkeun ku Udin. Diluar, Ibro jeung Unah keur dariuk nungguan di rohangan tunggu husus keur para tamu dirékrut atawa wakil diréktur. Duanana ngarepkeun Susi daék narima kadatanganna. Jadi pas sekrétaris datang nyampeurkeun, duanana langsung curinghak terus narangtung. Ngan teu disangka sékrétaris di kawal ku dua security, Ibro nanya,
"Kumaha, geus bisa kuring nepungan ibu Susi?"
Sékrétaris seuri sinis,
"Hampura, ibu Susi teu bisa narima anjeun. Ti mimiti ayeuna, anjeun teu meunang datang deui ka dieu, komo bari aya maksud hayang kerjasama. Bima Raya moal narima kerjasama dina rupa naon waé jeung perusahaan anu pingpinanna goréng ahlak siga anjeun. Jadi buburu kaluar!"
"Naon?" Ibro molotot teu percaya kana dédéngéanna. Ibro kerung bingung. Sabab ucapanna bet sarua jeung omongan Udin sawaktu masih di luar bieu.
Sékrétaris nyarita deui,
"Ibu Susi ogé nyaritakeun masalah kontrak, saupama aya perusahaan anu ngasubkeun proyék ti Bima Raya ka perusahaan anjeun. Kontrakna bakal langsung diputus"
Beungeut Ibro langsung pias, sabab beuki bingung kana maksudna. Sedengkeun satengah panghasilan Astina lantaran ayana proyék ti Bima Raya. Kari-kari ayeuna rék di setop teu meunang ngesub deui. Tada teuing bapana bakal ambek ka dirina. Ibro gogodeg sabab ngarasa teu tarima,
"Teu bisa. Kuring teu percaya éta omongan ibu Susi. Sabab kuring teu panggih langsung jeung ibu Susi, naha mémang paréntahna atawa ukur jijieunan anjeun?"
"Anjeun teu bisa nuduh kuring sangeunahna. Jadi nungguan naon deui? Buru kaluar!" Ceuk sékrétaris bari nunjuk koridor anu nuju kana lift.
Ibro jelas ambek,
"Calukan ibu Susi ka dieu, kuring teu tarima!"
Sékrétaris ngarérét ka dua security, terus méré paréntah,
"Paksa duanana kaluar!"
Dua security maju, Ibro jeung Unah langsung dicerek, leungeuna dipurilitkeun ka tukang terus di surungkeun dibawa asup kana lift.
Di jero lift Ibro abrug-abrugan hayang ngaleupaskeun leungeunna bari nyorowok ka security,
"Aya naon ieu? Jelaskeun heula ka kuring. Anjeun nyaho saha kuring?"
Gelepok! Ku security pipi Ibro ditampiling,
"Gandéng! Katempo tina monitor CCTV anjeun datang kadieu bari nyieun masalah. Masih rék mungkir?"
Sanepina ka loby, Ibro jeung Unah langsung disurungkeun kaluar. Di luar Ibro buburu ngaluarkeun HP rék nelepon supirna sangkan mawa mobil ka loby. Tapi kaburu aya telepon asup ti bapana nyaéta Salman Wijaya. Jadi buburu ku Ibro diangkat.
"Ibro! Bieu aya béja ti Bima Raya, cenah Astina di blokir akibat kasalahan anjeun, Aya naon?"
Ibro némbalan,
"Kuring oge teu ngarti, sabab can panggih jeung ibu Susi, ngan ujug-ujug kuring di usir ku sékrétarisna"
"Buru balik, jelaskeun ka aki manéh ayeuna kénéh!" Ceuk Salman.
Ibro pias ngadéngéna. Teleponna ditutup terus dipésakan, Ibro nungtun Unah nyampeurkeun mobil ka parkiran. Bari leumpang Ibro nanya ka Unah,
"Nah! Moal Kitu masalah ieu gara-gara si Udin? aya hubungan naon si Udin jeung Bima Raya?"