"Lamun hasil, anjeun kudu sujud ka Icih bari ménta dihampura. Tapi lamun gagal, kuring anu bakal sujud ka anjeun sarta ménta dihampura!" Ceuk Udin.
Dudung nyakakak seuri,
"Ari sugan téh tarohan duit, dasar jelema sangsara. Ari sakadar sujud mah hayu. Kuring satuju"
"Kabéh anu aya di dieu jadi saksina. Inget! Lamun aya anu jalir diantara urang duaan, ninina bakal paéh. Wani?" Ceuk Udin deui.
Udin ngahaja nekenkeun kalimah 'Nini paéh' sabab Udin masih boga kakeuheul ka Rukmini. Jeung deui nini Udin mah mémang geus lila maot. Jadi moal aya akibat nanaon keur Udin.
"Oké!" Ceuk Dudung tanpa mikir panjang, sabab yakin pisan dirina anu bakal meunang tarohan.
Icih reuwas bari metot leungeun Udin sangkan diuk deui.
"Ari akang nanaonan bet nyanyandak nini?"
Tapi sanajan dirina di babawa kana tarohan, Rukmini teu ambek, anu leuwih difikirkeun ku Rukmini mah hasil tina usaha Icih isukan. Mun hasil, tong boro Dudung ukur kudu sujud ka Icih, sanajan Dudung dipénta ku Udin kudu ngadahar tai ucing ogé Rukmini moal paduli.
“Rapat ditutup, sok ayeuna mah bantuan Icih nyiapkeun syarat-syaratna. Mun geus réngsé mah baralik wéh" ceuk Rukmini bari nangtung terus kaluar ti rohangan rapat langsung asup ka kamarna pikeun istirahat.
Sabalikna ka imah, sabagé indung Lastri tumanya ka Icih ngeunaan hasil rapat. Ku Icih dijelaskeun sagalana euweuh anu kaliwat. Tapi teu disangka Lastri malah ambek nyarékan Icih,
"Icih! Henteu ari keur weureu mah manéh? Bet anu séjén ogé euweuh anu sanggup, der manéh malah nyanggupan. Si Udin mah nyaho naon. Omonganna ulah sok sagala didéngé, sagala digugu. Saha anu nyaho si Udin ukur rék ngusrukkeun manéh"
Saterusna Lastri ogé muncereng ka Udin,
"Udin! Naon anu jadi kayakinan manéh mangaruhan Icih narima tugas ti Nini. Hayang ngawiwirang anak aing? Jeung nanaonan maké kudu tarohan sagala. Lamun nepi ka teu hasil, aing bakal némpo manéh sujud ka si Dudung bari ménta dihampura. Éta sarua waé jeung ngawiwirang kulawarga? Di lain-lain ogé pan manéh teh minantu aing"
"Bu, pan teu acan dicobi. Ulah waka alit manah" Udin némbal.
"Ngomong mah gampang siah! Manéh nyaho naon masalah ténder?" Ceuk Lastri deui. Padahal Lastri ogé teu ngarti da sanajan minantuna Rukmini. Lastri ogé tara pipilueun kana urusan Palapa. hayang nyaho sotéh lantaran Rukmini nitah para incuna kudu ngahadiran rapat anu majar penting.
Udin seuri bari némbal deui,
"Ishaa Allah hasil bu"
"Gaya siah, kawas manéh anu gableg Bima Raya waé, maké jeung geus bisa mastikeun hasil" Ceuk Lastri beuki ambek.
"Teras naon bentena ibu sareng Dudung? Teu acan nanaon tos tiasa mastikeun gagal" ceuk Udin bari diuk.
Lastri langsung ngabetem asa di skak stér, terus panona mureleng teu panuju ka Mardi anu teu ngoméntaran nanaon pisan.
Icih ngarahuh,
"Ma, atos atuh ulah ngalepatkeun waé kang Udin. Abdi tos nampi tugas ti Nini, anggurmah du'akeun supados abdi hasil. Upami hasil, anu untung pan urang-urang kénéh"
Nempo tékad Icih anu geus buleud, Udin imut bari nyarita dina jero haténa.
"Pasti hasil nyi, pan akang bosna Bima Raya"
Ngan teu lila kadéngé panto aya anu ngetrokan ti luar, jadi Lastri buburu muka panto. Nyampak saurang lalaki ngajanteng diluar bari nyeréngéh seuri ka Lastri. Si lalaki katémbongna jelema aya, papakéana ginding, maké arloji mahal, ramona reunceum ku ali, dina beuheungna ogé ngagantél kangkalung mangrupa ranté emas anu gedé.
"Iyus? Sok asup!" Ceuk Lastri curinghak bungah.
Iyus unggeuk, terus ngajelaskeun maksud kadatanganna,
"Nuhun bi, nembé abdi ti bumi nini, teras ngadangu saurna énjing Icih badé nyumpingan Bima Raya ngawakilan Palapa perkawis ténder proyék. Abdi sumping kadieu seja ngabantos"
"Tah gening, sok atuh asup heula, béjaan si Icih jalanna, sugan anjeun mah boga cara anu hadé sangkan Palapa bisa miluan sarta ngagolkeun proyékna" ceuk Lastri.
Iyus seuri bari langsung asup terus diuk dina korsi teu maliré ka Udin anu diuk di gigireun icih. Panona langsung neuteup ka Icih bari nyarita,
"Cih, kunaon teu ngabéjaan ka akang lamun anjeun rék miluan ténder. Memangna bisa? Saupama ngaras teu yakin, akang siap ngabantu"
Iyus nyarita kitu sabenerna ukur basa-basi. Sabab salila ieu manéhna ogé sabenerna sarua can kungsi turun langsung ngurus proyék komo deui miluan ténder sacara langsung, sagala rupa urusan perusahaanna masih sok diurus ku bapana. Wani ngomong kitu téh kulantaran Iyus bogoh ka Icih, sugan wé ku nawarkeun dirina pikeun ngabantu. Icih neundeun simpati ka dirina.
"Nuhun. Tapi kuring teu butuh bantuan ti anjeun" ceuk Icih sanajan haroréam némbalan.
Ngadéngé jawaban Icih, Lastri langsung muncereng ka icih,
"Icih! Iyus datang kadieu boga niat hadé rék ngabantu. Naha bet ditolak?"
Icih teu némbalan, tapi ngarérét ka Udin. Jadi Udin nanya ka Iyus,
"Naha bener anjeun yakin bakal bisa ngabantu Icih nepi ka bisa néken kontrak?"
Ditanya ku Udin kitu, Iyus ngarasa disapirakeun,
"Kuring ogé isukan sarua rék miluan ngajukeun 5 milyar tina ténder proyék ieu, jadi bisa indit babarengan. Pangajuan kuring mah geus pasti gol sabab bendera perusahaan kuring kualifikasina leuwih unggul ti Palapa. Saupama pangajuan Icih ditolak, samilyar tina 5 milyar pagawéan kuring pan bisa disubkeun ka Icih. Éta geus cukup pikeun ngabantu, Icih moal disalahkeun ku Palapa sanajan gagal"
"Oh kitu, teu sangka anjeun gedé haté bisa lolos" ceuk Udin bari seuri sinis.
"Nya heueuh, ditempo tina hal naon ogé euweuh alesan Bima Raya kudu nolak pengajuan ti perusahaan kuring" témbal Iyus beuki ujub.