AING UDIN

Dadan Rachman Rudiman
Chapter #5

Palapa rék sukuran

"Har! Sugan garélo kabéh" Ceuk Icih dina jero haté. Sabab rék teu kitu kumaha, kabéh langsung ngaduga yén usahana gagal, padahal icih can ngomong sakecap-kecap acan.


Udin kerung, keluarga Kusumah mémang pikasebeleun, teu tatanya heula tapi langsung ngahujat. Utamana Dudung anu sakeudeung deui bakal sujud. Icih anu tadina sumanget, kulantaran nempo sareréa nyapélékeun, ahirna nyarita sangeunahna, sanajan aya ninina didinya, bahasana ogé geus teu maké adab deui sabab ambek,

"Hampura lamun kuring nguciwakeun sararéa. Pengajuan proyék 2 milyar mémang ditolak"


Kabéh anu aya langsung jempé, sareréa ngarahuh leuleus lantaran ngarasa handeueul. Terus silih rérét.


"Naha bet caricing? Reuwas? Ambek? Hanjakal? Pan ti saméméhna ogé kabéh geus ngaduga kuring bakal gagal. Naha bet siga anu teu tarima?" Icih ngomong deui, sorana ngageter nahan amarahna nu ampir bitu.


Saterusna Icih nyarita deui,

"Mémang kuring teu bisa ngagolkeun anu 2 milyar, tapi kuring geus hasil nyokot kontrak 6 milyar. Tah ieu MOU na. Sok pariksa" ceuk Icih, kituna téh bari ngaluarkeun map anu eusina berkas kamufakatan kerjasama anu geus ditéken ku dirina jeung ku bos Bima Raya. Langsung ditunda dina méja hareupeun Rukmini.


Kontrak anu ditunda ku Icih dina méja lir ibarat bom anu bitu hareupeun sararéa, kabéh ampir ngajengkang tina korsina bakat ku reuwas jeung teu percaya.


"Ieu pasti kontrak palsu, Kuring teu percaya Bima Raya ngaluarkeun kontrak 6 milyar keur Palapa dina waktu kurang ti 2jam, mustahil!" Ceuk Dudung.


Disambung ku Unah,

"Enya, bet kuring ogé anu geus pangalaman di bagian marketing jeung humas can kungsi ngalaman ngasupkeun penawaran langsung kaluar kontrakna, pasti kudu nungguan sababaraha poé karék aya jawabanna sabab panawaran pasti kudu dipariksa heula"


Rukmini nangtung bari molotot ka Icih,

"Dikira ku manéh kabéh anu aya didieu monyét anu teu ngarti nanaon? Indit siah ka bagéan personalia, ayeuna kénéh, ajukeun pangunduran diri ti Palapa. Teu tarima kuring dibohongan jeung dicampelakan ku incu ku cara kieu"


Icih colohok, terus muka kontrak bari némbongkeun tandatangan asli diréktur jeung cap perusahaan Bima Raya kasaréan.

"Nu kieu disebut palsu?"


Udin maju milu ngomong,

"Lamun teu rumasa maranéh monyét, sok atuh da baroga HP, buka websitena Bima Raya, pemberitahuan naon waé anu sifatnya umum pasti bakal langsung di-update"


Ngadéngé Udin milu ngomong, kabéh pating rarérét, terus muka HPna séwang-séwangan. Langsung néangan akun resmi Bima Raya. Bener wé, didinya aya rilis béja anyar nyaéta pangumuman daftar 3 perusahaan pemenang ténder. Diantarana ngajeblag ngaran Palapa anu bakal migawé dékorasi intérior tahap pertama anu nilai kontrakna 6 milyar. Kabéh calangap bari masih kénéh narempo layar HPna.


Rukmini buburu ngarebut kontrak tina leungeun Icih terus ditempo,

"Anjeun bener-bener hasil cih?" ceuk Rukmini seuri bungah bari melong kana beungeut Icih.

"Kumaha carana Bima Raya bisa langsung méré kontrak ka anjeun?"


"Pokona ibu Susi ngarasa yakin Palapa bisa migawé pagawéan ieu" ceuk Icih pondok. Saacana Icih mémang hayang nyaritakeun kabéh pangalamana di Bima Raya. Tapi kusabab geus kapalang ambek, jadina haroréam pikeun ngajelaskeunna deui sacara panjang lébar.


Dudung geus teu genah cicing. Hal éta katempo ku Udin,

"Dung, anjeun inget kana jangj?" Ceuk Udin nanya ka Dudung.


Beungeut Dudung pias bari rurat rérét ka sakabéh jelema kawas anu ménta tulung hayang dipikarunya, késang tiis ngadadak ngagarajag tina tarangna. Mustahil dirina poho kana jangji anu karék diucapkeunna tadi peuting. Jadi buburu mencrong ka Udin bari nyarita,


"Udin, kuring moal mopohokeun Kana jangji. Tapi Icih téh pan kapilanceuk Kuring, icihna sorangan can tangtu daék disembah ku kuring. Piraku tégaeun nempo kapiadi sorangan kudu sembah depong" ceuk Dudung néangan alesan sangkan teu sujud.


Udin seuri bari nanya,

"Rido kitu mun nini paéh lantaran manéh jalir? Saksina loba"


Rukmini jamedud ngadéngé dirina disebut, terus molotot ka Dudung. Dipolototan ku Rukmini, Dudung beuki ngeleper.

"Ni, ieu mah mung akal-akalan si Udin kanggé ngawiwirang abdi"


Ngan pipina ditampiling ku Rukmini,

"Jangji sarua jeung sumpah. Sumpah manéh bakal sujud ka si Icih saupama bisa ngagolkeun kontrak. Jeung anjeun ogé geus nyatujuan lamun manéh jalir, aing paéh. Sia ngarepkeun aing modar?!"


"Ampun paralun ni, teu pisan-pisan" ceuk Dudung muringis bari ngusapan pipina anu peureus.


"Naha atuh bet loba alesan, sujud!" Ceuk Rukmini nyorowok.


"Muhun mangga ni" témbal Dudung unggeuk kapaksa terus nangtung. Sukuna siga nu dibeungbeuratan ku jubleg, digusur ngaléngkah saeutik-saeutik ngadeukeutan Icih bari ditarempokeun ku sararéa. Ngan panonna mah mureleng ka Udin lantaran ambek sabab Udin ngaluarkeun HPna pikeun ngarékam kajadian éta.


Nepi ka hareupeun Icih, awaknya langsung ngudupruk émok kawas kapuk kaibunan. Dudung sujud terus ngomong laun,

"Tétéh, hapunten abdi lepat"


"Ngomong naon manéh bieu, teu kadéngé, sing tarik!" Ceuk Udin.


Dudung tanggah melong beungeut Icih bari nyorowok nyorowok tarik,

"Tétéh, hapunten abdi lepat!" Terus Dudung sujud deui kawas tadi, ngan teu cengkat-cengkat. Kalah langsung ceurik ngageunggeuik kawas budak bolon bari nyekelan kana suku Icih.


"Oh, manéh salah, salah kulantaran naon?" Udin nanya.


"Salah lantaran geus nyapirakeun kamampuan téh Icih" témbal Dudung bari beuki nyegruk.

Lihat selengkapnya