Réngsé rapat tadi peuting ngeunaan saha anu rék mawa panawaran ka Bima Raya, Iyus mémang datang nepungan Rukmini. Malah buburu pamitan saenggeus dibéré nyaho yén Icih anu bakal indit ka Bima Raya. Matak Rukmini percaya kana omongan Dudung yén Iyus langsung ngadatangan icih.
"Sok émutan deui ku Nini, meungpeung sadayana teu acan katalanjuran" ceuk Dudung deui.
Rukmini geus kapangaruhan ku omongan Dudung, Rukmini ahirna mimiti mikiran calon séjénna keur ngajabat Diréktur anyar. Rukmini neuteup ka Dudung,
"Anjeun siap-siap jadi Diréktur. Tapi inget, sagala kaputusan Palapa tetep aya di Nini. Teu meunang ngalakukeun naon waé tanpa disatujuan ku Nini. Ngarti?"
"Siap ni, teu sawios abdi janten diréktur bonéka ogé. Anu penting ulah dugi ka ragrag ka téh Icih" ceuk Dudung bungah.
"Dina acara isukan, anjeun kudu dangdan sing rapih, sabab bakal dilantik jadi Diréktur. Tapi inget, Nini bisa ngangkat, Nini ogé bisa mecat, jadi ulah macem-macem" ceuk Rukmini negeskeun.
Balik ti kantor Palapa, Udin jeung Icih laleumpang mapay trotoar. Icih katingalina sumanget jeung bungah pisan, sabab sagala kahariwangna poé éta teu jadi kanyataan. Bari nangkeup cangkéng Udin, Icih nganuhunkeun pisan ka Udin.
"Nuhun nya kang, upami sanés pangrojong ti akang, pamohalan abdi tiasa ngaréngsékeun tugas ti nini dinten ieu" ceuk Icih ka Udin.
Udin seuri terus gogodeg,
"Éta kabéh lantaran usaha nyai sorangan, teu kudu nganuhunkeun ka akang. Akang ogé rék méré hadiah ka nyai, kabeneran sakeudeung deui pas sataun kawinan urang, akang hayang ngajieun acara husus"
"Akang badé masihan kejutan ka abdi?" Icih nanya panasaran.
Udin unggeuk bari imut.
"Upami Kitu, abdi moal seueur tumaros deui" ceuk Icih bari ngarangkul beuki pageuh kana cangkéng Udin.
Udin ngusapan buuk Icih bari mikiran, naon anu kudu dipigawé keur nyenangkeun Icih dina raraga sataun umur perkawinanna. Basa kawin, Udin dina kaayaan masih balangsak, nepi ka teu bisa méré nanaon pisan ka Icih. Tong boro babawaan perhiasan atawa parabot kawas batur. Ipekah jeung biaya hajat ogé kabéh ditangkes ku Wawan Kusumah.
Teu lila Udin nyarita,
"Nyi, wéyahna balik tiheula nya. Akang rék ngider heula" ceuk Udin bari nyegat taxi nitah Icih asup. Udin sorangan nyegat taxi séjén. Anu dituju ku Udin nyaéta jalan Astana anyar. Udin turun dihareupeun toko perhiasan Émily Jewelry.
Émily Jewelry bisa kasebut toko perhiasan gedé tur kumplit, emas bodas, emas konéng, platinum, berlian jeung sajabana kabéh aya. Udin hayang meuli perhiasan heula, terus rék langsung néangan hotél pikeun nyéwa tempat keur acara ulang taun perkawinanna.
Asup ka toko, Udin euweuh anu maliré, katingali sababaraha pelayan ukur melong ku teuteupan curiga, hiji ogé euweuh anu nyampeurkeun nanya. Udin rurat rérét ka sakabéh perhiasan anu dipajang boh anu dina étalase, atawa anu aya dina lomari kaca.
Matana melong kana hiji kongkorong platinum ukuran leutik. Gagantélna bentuk kembang mekar jeung aya mataan tina berlian beureum, sigana pantes pisan saupama dipaké ku Icih anu pakulitanna bodas.
Kongkorong anu dimaksud dipajang nenggang dina lomari kaca anu dikonci. Udin ngamaklum, sabab berlian beureum mémang kaasup berlian langka jeung hargana ogé pangmahalna saupama dibandingkein jeung berlian jenis séjénna. Geus pasti moal dipajang sambarangan.
Udin nempo harga anu ngagantél dina kongkorong. 250 juta. Harga sakitu ku Udin dianggap wajar, sabab Udin ogé nyaho harga platinumna waé 700 rébuan sagram, berlian beureumna 130 jutaan sakarat.
Jadi Udin buburu ngagero saurang palayan toko.
"Cik nempo kongkorong anu éta" pokna bari nunjuk kana lomari kaca.
"Oh, koncina aya dimanager, ké antosan sakedap pa" témbal palayan bari ngaléos ka lebah méja kasir terus mencét bél anu aya dihandapeun méja.
Saurang awéwé ngurunyung ti jero bari satengah lumpat. Dina dada kenca bajuna aya ngaran 'Yéni'
"Bapa ieu hoyong ningal kongkorong anu ieu" ceuk palayan ka Yéni bari nunjuk kongkorong anu dimaksud.
Yéni melong saliwat ka Udin, terus metot leungeun palayan sangkan ngajuhan udin. Terus nyarita ngaharéwos,
"Anjeun teu keur heureuy?"
"Henteu, bapa éta leres hoyong ningal kongkorong" témbal palayan bingung.
"Anjeun percaya? Na teu nempo, piraku dangdanan siga kitu rék meuli kongkorong mahal? Cik mikir atuh. Mustahil jelema beunghar ukur maké kaméja murah bari baseuh ku késang, calana belél bari disapatu kéts, jaba teu maké kaos kaki kaos kaki acan terus rék meli kongkorong harga ratusan juta!" Ceuk Yéni bari nulak cangkéng gogodeg.
Ngarasa keur diomongkeun Udin nyampeurkeun bari nanya tarik,
"Dijual teu kongkorong téh? Kuring hayang nempo!"
"Dijual pa, tapi lain keur anjeun. Anjeun pasti moal mampu meuli" ceuk Yéni teugeug.
Udin kerung,
"Hor! Pan kuring geus ningali bandrolna, Matak hayang nempo ogé kuring mampu meuli"
Yéni seuri sinis,
"Ulah ngimpi pak, paling ogé bapa ngan ukur rék Sélfi seolah-olah keur meuli kongkorong mahal keur postingeun dina Facebook, bener teu?"
Saurang palanggan awéwé anu keur nyobaan ali ogé milu ngomong,
"teu mampu meuli tapi hayang nyabak, ngalindur jelema téh. Meuli ali ieu ogé anu ukur 300rb can karuhaan kabeuli. Komo anu ratusan juta"